Teknologi Informasi
Teknologi informasi dina mangsa kiwari geus jadi
pangabutuh anu teu bisa dipisahkeun jeung kahirupan masarakat di kota atawa di
desa lain ngan ukur jalma nu boga kapentingan husus di widang bisnis atawa
urusan penting sejena, tapi barudak sakola oge geus diwanohkeun jeung eta
teknologi, nu dipiharep sangkan bisa ngigelan jaman teu katinggaleun kalindes
ku wanci nu beuki maju.
Sumebarna eta teknologi bisa mawa pangaruh nu
hade, oge bisa nimbulkeun pangaruh goreng, hal eta gumantung ka jalma nu
ngagunakeun eta teknologi.
Rupa-rupa wujud hasil teknologi diantarana bae
Han Phon jeung komputer, di lingkungan barudak sakola eta dua ngaran geus teu
aheng deui. Lantaran eta barang geus jadi kaulinan anu teu saeutik meakeun
waktu jeung waragad, temahna bisa ngalantarankeun barudah sakola poho kana
waktu nu utama keur diajar, tepi teu sakabehna kitu aya oge nu ngamanpaatkeun
eta teknologi keur kaperluan diajarna.
Kaparigelan nonoman dina ngakolakeun eta
teknologi kawilang nyongcolang upama seug dibandingkeun jeung kolot-kolotna,
tapi dumasar kana hal eta kolot barudak kudu taliti tur surti dina nalingakeun
ketakna barudak ulah nepika salah lengkah tur pamolah, ku alatan teknologi anu
salah ngalarapkeunanana
Teu kurang ti welasan warnet nu ngadeg meh
disaban tempat, warnet-warnet kasebut baris nedunan pangabutuh barudak sakolah
pikeun kaperluan diajar atawa migawe tugas pikeun nu can ngabogaan komputer
atawa leptop sorangan.
Teu saeutik balukar anu goreng alatan teknologi
informasi kiwari nu tumerapna ka rumaja, geus loba kajadian anu kaalaman ku
rumaja alatan internet upamana bae malesna diajar, runtagna ahlak alatan lalajo
pintonan nu teu payus keur barudak, jual beli barang haram jeung sajabana.
Kahariwang kolot, alatan eta teknologi geus jadi
alesan pikeun nalingakeun budakna sangkan teu jadi korban pangaruh gorengna,
tapi manfaatna kawilang gede kacida pikeun kamajuan sagala widang.
Komputer jeung sabangsana kacida pisan pentingna
dina sagala widang, boh kusabab bisa ngarengsekeun urusan kalawan gancang tur
rapih, ngawasa elmuna kacida diperlukeunana pikeun ngungkulan jaman jeung
ngjawab tangtangan kahirupan.
No comments:
Post a Comment